ROHANGAN ESSAY BASA SUNDA
TANTANGAN PENDIDIKAN ERA DISRUPSI*)
Baheula keur jauh keneh ieu zaman tina kamoderenan, keur acan wanoh jeung anu ngarana teknologi informatika, sebut bae zaman tai kotok dilebuan, barang carita jeung papada urang kudu adu jonghok ragemna. Anu hiji sidik bisa nitenan kumaha bahasa awak anu sejenna, paromannana keur suka daria atawa keur sedih kingkin. Bear budi jeung katungian kapanggih nembrak ca’ang padang peutingna ibarat beurang. Meureun kahirupan oge masih keneh patembayan, kayaning ririwa anu ngajadikeun nafsi-nafsi hirup masih keneh aya erana mun katohyan ku batur. Mungkin oge baheula mah teu loba teuing pasualan kahirupan anu matak ngagolotrok uteuk siga zaman kiwari.
Ciciren manusa moderen anu hirup di alam kaayeunaan malangprung dina ngahontal dunya. Ti suksuk ti dungdung teu sirikna beurang dijieun peuting-peuting dijieun beurang, suku dijieun hulu-hulu dijieun suku, ti isuk jedur nepikeun ka sore jedor beakeun karep dipake neangan eusi peujit. Duduluran jadi renggang, jeung tatangga kurang wanoh, malahan sakalieun aya anu paeh gigireun imah oge teu kabedag nyongcay waktu mulasara janazahna. Anu sangsara malarat rosa ditungguan ku pit*ieun, singhoreng anu jegud jugala oge euweuh seubeuh bentetna. Taronggoy ngudag-ngudag dunya panggih perewis di jalan oge hare-hare ngabigbirig siga bagong torek! Ari budaya kasomeahan warisan luhur ti karuhun naha geus karaha’an kitu? Atawa naha teu kaparanggih kitu dina ajaran agama yen ari basa-basi nembrakkeun paroman anu marahmay bear budi ngarupakeun papagon dina ngantengkeun hubungan jeung papada urang (hablum minan nas)? Atawa meureun geus naranceb watek adingung gede hulu yen urang moal aya kaperluan deui ka batur?! Teu kaharti ku ati teu kahontal ku akal, tangtu anu nyakola pada faham yen manusa makhluk social anu moal bisa hirup sosoranganan.
Ari kasomeahan mangrupakeun hiji kapinteran anu kakoreh ku para ahli pendidikan zaman kiwari. Kasomeahan ngajadikeun manusa gampang campur gaul jeung anu sejenna. Ku gampang campur gaul jeung anu sejen jadi modal pikeun ngawangun relasi dina sasuklak-sasiklekna profesi, beh dituna jadi wasilah ngagebrahkeun lawang parezekian. Mun disaliksik dina kasukuan Urang Sunda sakuduna kawaris ku ieu watek. Daerah anu sakuriling bungking dilingkung ku gunung dumasar kan geografisna, kaasuh ku hawa ti’is pada umumna, mawa pangaruh kana watek anu liuh, lentong, lindeuk tur kakulawargaan anu kuat. Di lembur-lembur pasisian mun urang ngaliwatan galengan seug aya anu keur pecat sawed asa reu’es kadengena mun diajak pikeun murak timbel,”Hayu urang sareng tuang heula atuh!” sok sanajan anu kitu teh lolobana mah sakadar tawar gatra. Atawa mun urang ngaliwatan hiji imah seug aya anu keur ni’is ngadaweung di teras aya ku liuh eta anu ngagentraan kieu, “Calik heula atuh!”
Cenah aya beja generasi muda Gen-Z kiwari kurang bisa basa-basi teh, sahingga mancing aral anu ngapimilik pausahaan (owner). Lowongan luang pagawean anu teu weleh aya bae unggal poe, nyaeta sales, loba anu teu kabitaeun milih, lantaran bibit buitna ari jadi sales mah kudu someah pinter basa basi, daek sura-seuri sangkan bisa ngodok hate calon pelanggan (customer). Tong boro jadi sales ketang, jadi guru pendidik oge kudu someah.Geus teu usum ayeuna mah ngadidik budak ku popolotot jeung poporongos atawa sahaok kadua gaplok. Diheurasan tibatan narimakeun kadon calutak nyo’o gado. Ngadidik budak ayeuna mah kudu dinungna-dinengne, ditoel pangaciannana sangkan muka kasadaran atikan keuna kana mamarasna.
Sigana mah pola oral communication anu geus kagerus ku ayana teknologi informasi mawa balukar kana pola komunikasi kiwari anu kacida gedena utamana di lingkungan kulawarga. Simkuring jadi kapancing nalika aya guru budak ngora keneh nyarita kieu, “Sok kadinya pa ustadz ajak ngobrol anak didik ayeuna, saha anu kintenna bakal betaheun calik ngobrol sareng urang! Naha bakal nyambung obrolan?”Dipikir-pikir bener oge. Para pendidik kiwari sigana geus kaleungitan loba waktu patarema jeung anak didikna. Ieu pisan anu jadi tantangan dina Era Disrupsi. Aya hadena oge kawijaksanaan lembaga pendidikan anu ngawatesan ngaralapkeun HP keur pembelajaran, sangkan cenah transfer of heartna kapanggih. Lian ti eta, pang-pangna sangkan pola komunikasi antar-manusa di alam nyata kapanggih deui mulang kana fithrahna. Cag!
*)Ditulis ku Aki Pinanggih